Kamis, 17 November 2011

Waruga Jisim

Mendakan Mayit Anu Teu Mufakat, ngaleungitkeun aangseuan...anu teu mufakat,

Tawasul/Sarsilah 1 X, Istigfar 2 X,  syahadat 1 X

Punika Waruga Jisim tiluhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, anu suping ngali putih nyimas jangkaring sahadat, nyatana Indung tangkalning Iman, nyatana Bapak kulitning Iman, Nyatana dulur pancerning Iman, Nyatana Anak salumpit tauhid midaun hurip, mipucuk cahaya mibuah rasa, mataholang pangawasa.
Sri Nyimas maya larang, na pare beureum, beusi tuduh eling kasemaran,sumurpna kana kulit kana daging jeung getih.
Sri Nyimas Maya larang na pare bodas, beusi tuduh eling kasemaran, sumurupna balung adegan manusa.
Sri Nyimas Maya Inten, na pare koneng, beusi tuduh eling kasemaran sumurupna kana ngadeg tunggal cahaya.
Sri Nyimas Dana rasa na pare hideung, sumurupna kana buku, kana bulu lungguhna dina kalangkang.
Sri Nyimas Angrum dana rasa na pare hejo, lungguhna dina hamperu, kaluarna tangkaling nafu, nu herang nu ngalenggang, deudeuh banget cahaya Nyi Pohaci.
Sri Nyimas Maya Larang, Nu larang leuwih sorangan, Pohaci sakentel putih,sukma rasa gumilang rasa nira.

" Rasa Ning Sun Kun fayakun, gumelah hukum Dadaning Alloh, lloh jeneng-ning Iman, pangandeling Tauhid, tangkaling marifat, awasing sahadat, sucining sholat, Mulya badan sampurna, Rat kentel paranti ranti, nu ranti jadi sahiji, badan Roh tunggaling kama, nurmat putih tunggalning kama, yaa ingsun kaning Alloh.

Gusti calik miratu Agung..........,( Les ilalloh 3X )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar