Rabu, 16 November 2011

Ciwaruga Leungiteun

Ciwaruga…..Leungiteun

Hatur salam sareng sim kuring rerehan ti wewengkon Ciwaruga seke seler Aki Kartama Ugabrata  wedalan Baginda- Sumedang sareng Wayi Naridah wedalan Kasumyatan-Banten Serang, kadituna rundayan ti Uyut Gonjing jeung Uyut Jaya Perkosa  Dayeuh Luhur sumedang.

Gumelar di alam tengah ngaliwatan indung nu ngandung Ai wulan Komariah jeung bapa nu ngayuga Aris Nurdita, nganjrek di Ciwaruga leuwih ti lima  generasi ngajadikeun ieu  wewengkon  jadi dayeuh maneuh banjar pamidangan. Dimimitian ku  rerehan ti Aki; Uyut Jantiem, Uyut Ta’al, Ne Acem jeung Aki Ata, Abah Kartama, Aris Nurdita  terus ka kuring.     Ti Nini ;  Olot Juhari/Banten/Kasumyatan, Ibu Wayi Naridah, Aris Nurdita terus Ka Kuring.

Ciwaruga

kuring kungsi nyaksi nyingray-na pepedut dina mangsa srangenge medal, hejo ngemplohna tutuwuhan, cur cor-na cai kahuripan, jeung seahna / gulidagna  cai walungan cibeureum anu jadi wates antara kabupaten jeung kotamadya Bandung, ciwaruga  30 taun ka tukang dina mangsa taun 1980-an.”

          Leuwi “Kelewih“geus  jadi catur ngaliwatan tilu generasi…, di mimitian ku dongeng   ti Aki Kartama yen Kelewih teh hiji leuwi di walungan cibeureum tempat  barudak  dina tiap jaman anu di pake keur ngamimitian di ajar ngojay, caina estuning beresih jeung ngagulidag pika waaseun lamun  ayeuna masih keneh kasaksian.  Rupa rupa carita ngiluan kana perjalanan eta walungan, ti mimiti carita : Katinggang Barangbang murag waktu keur ngaruru daki, Di leled ku lulun samak, Ngoerkeun mayit anu munjung di palidkeun, Maehan Oray huluna Dua, di tawan ku Karajaan Siluman Oray, Di pika bogoh ku-nu ngageugeuh Leuwi Dam, Papanggih jeung Jurig Bungkeuleukan…., Papanggih Jeung Maung Kajajaden, Kantor Desa di ranjah Maung Kajajaden jrrd.

Dina mangsa taun 1980-an aya sababaraha wewengkon anu kiwari robah jadi pelak beton/tinggal sajarah, biheung barudak kiwari nyahoeun jeung percayaeun di ayana, di antara;

1.Wewengkon Astana Gede/aya keneh, tempat pasarean pamustungan keur warga wewengkon Ciwaruga,  kasered ku perumahan Pondok hijau.
2. Wewengkon Kisampang/katingker ku imah warga; baheula mah mangrupa leuweung awi geledegan anu di amparan ku karpet alam alias lumut, sok aya paribasa hejo lumut, ngampar hejo semu koneng hurung ngempur pikabitaeun anu ngalungsar.
3.Wewengkon pasawahan Jamiranta/ayeuna robah jadi perumahan pondok hijau, ny  didieu pisan nujadi nini Wayi ngabogaan sawah kurang leuwih sahektar,lokasina pangluhurna ti nu lian kawilang strategis pisan, nu matak waktu di jual hargana pang onjoyna
4.Wewengkon Babakan poponcol/daerah rawa anu kiwari robah jadi perumahan PRV/parahyangan Villa, ka asup makamna uyut kuring anu di burak barik ku rohakana dunya jeung kakawasaan, turunan anu ngaletak ciduh nini akina,wewengkon makam babakan poponcol di jual jadi perumahan, kapaksa tulang taleng uyut kuring di boyong pindah pasarean.
5.Wewengkon Sawah Lega robah jadi kawasan Politeknik ITB baheula/ayeuna Politeknik Bandung  jeung,
6.Wewengkon Cianting, tungtung kidul ciwaruga anu kiwari robah jadi perumahan Setra Duta

Ciwaruga kiwari robah jadi wewengkon anu teu boga konsep boh dina Tata ruang, sosial, jeung ekonomi, kapamingpinan baheula leuwih mundel ku jati dirina, utamana dina widang Budaya, sosial ekonomi,  tiap taun utamana 17 Agustusan sok di rayakeun ku  tampilan kesenian masing2 wewengkon di antarana; kuda lumping, sisingaan, paradeu Barongsai jeung Dodog-na, Kendang Penca jeung rupa rupaning lomba paalus- alus jampana.
mekarna kahirupan ciwaruga harita teu leupas tina peran aktifna para sesepuh Ciwaruga, diantarana ; Aki Jawi/Aki Hideung/ tokoh dina widang Agama/kokolot ngurebkeun jeung Abah Maja, Bah Ahi/ tokoh  barongsai, kuda lumping,ketuk tilu jeung  dogdogna, Abah Acam/tokoh silat babakan poponcol, Abah iie tokoh Ketangkasan adu domba HPDKI jeung abah Ahi, Pak Mantri Wiraatmaja jeung  pak Guru Adang tokoh pendidikan, Pak Lurah Juarma, Pak Lurah Maman jsb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar