Rabu, 16 November 2011

Di Bawa Ka Nagara Onom Karaton Siluman Oray ( Bag.1)

Carita Nu Kaalaman Ku Pun Biang/Kisah Nyata,
Ciwaruga dina mangsa 30 taun katukang masih ka asup wewengkon angker.., loba pamanggih  jadi bahan carita keur anak incu, di antara- na salah sahiji carita  anu di alaman pisan ku pun Biang, sanggeus maehan oray huluna dua, di jalan titincakan palataran sawah jamiranta / disebut lengkob wewengkon sumur, pedah mureun di sabudeureun eta lengkob teh cur cor cai nyusu anu gede pisan mangfaatna pikeun kabutuhan somah di wilayah eta, teu kudu nyieun sumur.  Ayeunamah eta lengkob teh geus robah ka lindih ku perumahan pondok hijau, tanda-tandana kuring masih apal keneh, ayeuna mah aya di palataran hiji imah gedong sigrong di lingkungan perumahan pondok hijau.

Rebun- rebun keneh jalma teh tarangginas pisan hudangna, saperluna -saperluna, ngudag hanca garapan anu katunda poe kamari, katinggali Mang Aca, Ki Ahri, Mang enjang geus maranggul pacul bari mawa kaneron, maklum 30 taun katukang wewengkon Ciwaruga teh kahirupannana masih keneh nyarande kana pacabakan tatanen palawija; sajabaning bungkol, terong ,kakacangan, jabung sosin jrrd. Geus jadi ilaharna lamun aya anu di gawe ngaborongkeun/atawa harian macul teh kudu di anteuran, angkaribung ngais boboko, ngajingjing teko almaniem bari di tiung anduk.

Sanggeus beres keprak keprek nyangu jeung masak di hawu sapuratina pun Biang nyiapkeun boboko keur wadah sagala rupa dahareun/ sangu jeung  lalawuhna, teu tinggaleung dungkawung jeung bakona, ngogo anu keur digarawe  macul supaya suhud maraculna, kira kira wanci pecat sawed, pun biang nepi ka sawah Jamiranta, guprak aisan jeung teko di ecagkeun, di tunda  bari di susun di perenahkeun supagi piring-jeung wadah2 laina kari nyokot, kitu deui eusi dahareun di bukaan tina bungkusna,di teundeun dina piring masing masing.  Sanggeus di geroan sababaraha kali nu keur garawe macul teh daratang bari ngarumbah leungeun da lamokot ku taneuh garapan, satuntasna beresih, atuh prung bae balakecrakan ngamimitian dalahar di amparan samak, aya oge anu diuk dina galengan, padahal teu pira lalawuhna teh, sajabaning lalab jeung sambelna, goreng asin tanggiri jeung tumis tahu, kurupuk oge sayur lodeh...mani ponyo, cenah.

Alhamdulillah gening dahareun nepi ka ludes, katingali dalaharna mani rarewog  bakating ku carape-eun, jadi pas balik teh teu kudu ngabengkot saperti inditkeun da hampang. Sanggeus wadah dikumbahan jeung disusun, jung wae aisan teh di di ais ku samping batik. Teu poho pamitan ka Si ibu Wayi anu ngamandoran anu maracul, "rek balik da masih keneh loba gawe-eun di lembur kitu pokna, ceuk pun Biang, ut wae turun tina galengan mari ngaleos nuturkeun jalan galeungan titincakan,kira-kira 100 meteran ninggalkeun anu maracul nuju ka jalan balik ka lembur,ngan rada kahalangan ku tangkal cau anu  ngajajar, jadi rada geus teu katempo anu maracul teh, panempo keur tungkul ninggali jalan tincakeun kagareuwahkeun ku titingalian yen dina wahangan leutik deukeut cukang jalan tincakeun teh katinggali aya oray rada aneh ngahalangan jalan, jeung huluna aya dua nyagak katingali jiga make makuta, teu mikir dua kali sanggeur rumpu rampa meunang batu, nya habek!! wae eta oray teh di baledog kubatu, pas ngeunaan huluna pisan nepi ka merengkel....., jujumpalikan....., teu mireungeuh nanaon deui, sanggeus maledog oray teh terus nga gajleng meuntasan parit leutik, ngaliwatan eta oray, saggeus kira-kira 10 meter liwat tina eta oray..., ngadadak sirah pun Biang lungleng asa muter teu beunang di papalerkeun...nepi ka lila lila panempo jadi asa dua....Breh teh gening naha teu di sangka ujug-ujug aya  dua urang gulang-gulang nyerek kana dua leungeung bari di bedol  katukang jiganu   newak tahanan wae, atuh nya pun biang teh babadug bari tetejeh tapi nyakitu ujung-ujungn-na teu walakaya da ngalawan dua ponggawa jarangkung badag, kalah beak tanaga, nya antukna pasrah di bawa, nya ujug ujug asup ka hiji wewengkon anu pikabetaheun,bararesih, apik tur pikahemengeun.... di hareupeun ngajegir hiji karaton Megah.., komo deui pas asup ka eta wangunan teh, geus matak hemeng deui wae, ampir sagala rupa di jieun tina emas, korsi ratu pangcalikan di jieun tina kai kolot herang ngagenclang,taretes inten mas jumanten, kain-na buludru hejo lukut, di tambah ku karpet permadani maregah.
" Beu...!!,  kuring teh rek di bawa kamana ieu teh ?" gerentes hate pun Biang.
" Boa- boa ieu teh nagara onom tea kitu ?"
"Cilaka...,Beu !!"..............cag heula.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar