Murba ning Alam syareat....,lakuning lampah hakekat, Sabda Mulya batalna ku amarah.........Mama Eyang Papak/Cinunuk wanaraja.
Senin, 21 November 2011
Jumat, 18 November 2011
Kamis, 17 November 2011
Abah Kartama Uga Brata Natanegara n Wayi Naridah binti Juhari, Be loved fore
ver..........Nu di pikaheman Salawasna, tuturus hirup kumbuh gumelar jatining walagri ing marcapada, pada jaya, jayana salawasna........, Mangadep Mantena tilar..melaan Rahayuning papada incu buyut rundayan sakumna....Brata Natanegara.
Papadang Ati
Hujud Bungbang-Hujud Bungbang
Nu hurung dina jajantung ,Nu ruhay na Kalilipa
Remet meteng dina angen
Bray padang, Bray Caang
Caangna salalawasna
Lawasna saumur kula

Kajayaan
Bismillahirohmannirohim,
Ti Girang Batara Gangga
Ti Hilir Batara Ginggi
Ti tengah Camentrang Herang
Pangrumayan Rambut Panjang
Nya irung Kuwung-kuwungan, Nya tarang Lancah Mentrangan
Di deuleu tihareup sieup, di tilik ti Gigir lengik
Jaya Aing Jaya Cai
Jaya Aing Manan Cai
Ya Alloh...Nyuhunkeun Kajayaan Kang Jeung Nabi Sulaeman....
Qi Asmita/Uyut Ta'al

Jampe Panas
Kun Fayakun kundat Aji Aling-aling, siodat pangemat ..(.ngaran)
Di tungtit leungit, di teang teu aya, ayana sajabaning langit
Curulung cai Ti Manggung, ti manggung ti awang-awang
Cai tiis tama nyeri, cai panas tama bahya
kacapati geus kapungkir, kala bahya geus katukang
Nya Bahya pindah kana hurik atina, belang bayah-na
Ahung batara sawidak lima
Nya Aing Prabu Siliwangi

Aji Ku Ratu Dipa
Ing-Sun A matek Aji Kuritudipa, ratu Gulunung, ratu Medang Kamulyan, Ratu Kabuyutan lakining Rumak Rangga, Ana Rabiku aya seja, ulah datang, aya datang ulah seja....
( Balik Ku kersaning Alloh 3 X )
Allohuma tulak bahla umur saking wetan, kidul, kulon, Kaler, luhur, tengah,handap
Tulak bahla Raja sulaeman salamet, Papag sungsang seja pulang, Sukma nu Mapag, Sukma Nu di Papag,
Papapag papulang- pulang.
Bisi aya wisaya di wetan, kulon, kidul, kaler, luhur, tengah, handap...pang mulangkeun tulak panggul di tengah Raja Pamunah.
Qi asmita, Naekeun :

Waruga Jisim
Mendakan Mayit Anu Teu Mufakat, ngaleungitkeun aangseuan...anu teu mufakat,
Tawasul/Sarsilah 1 X, Istigfar 2 X, syahadat 1 X
Punika Waruga Jisim tiluhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, anu suping ngali putih nyimas jangkaring sahadat, nyatana Indung tangkalning Iman, nyatana Bapak kulitning Iman, Nyatana dulur pancerning Iman, Nyatana Anak salumpit tauhid midaun hurip, mipucuk cahaya mibuah rasa, mataholang pangawasa.
Sri Nyimas maya larang, na pare beureum, beusi tuduh eling kasemaran,sumurpna kana kulit kana daging jeung getih.
Sri Nyimas Maya larang na pare bodas, beusi tuduh eling kasemaran, sumurupna balung adegan manusa.
Sri Nyimas Maya Inten, na pare koneng, beusi tuduh eling kasemaran sumurupna kana ngadeg tunggal cahaya.
Sri Nyimas Dana rasa na pare hideung, sumurupna kana buku, kana bulu lungguhna dina kalangkang.
Sri Nyimas Angrum dana rasa na pare hejo, lungguhna dina hamperu, kaluarna tangkaling nafu, nu herang nu ngalenggang, deudeuh banget cahaya Nyi Pohaci.
Sri Nyimas Maya Larang, Nu larang leuwih sorangan, Pohaci sakentel putih,sukma rasa gumilang rasa nira.
" Rasa Ning Sun Kun fayakun, gumelah hukum Dadaning Alloh, lloh jeneng-ning Iman, pangandeling Tauhid, tangkaling marifat, awasing sahadat, sucining sholat, Mulya badan sampurna, Rat kentel paranti ranti, nu ranti jadi sahiji, badan Roh tunggaling kama, nurmat putih tunggalning kama, yaa ingsun kaning Alloh.
Gusti calik miratu Agung..........,( Les ilalloh 3X )

Babad Salira IV
Keclakan Cai Ku Daun seureuh, dina bahamna....,
"Sakentel Putih bakalingBraja, salenjer Putih bakaling anjeun, sang kulincer putih bakaling pamor, Sang Karacak herang bakaling wujudiyah, ya amarah surupan" Loamah", , surup kana sawiyah mutmainah, Mutmainah surup ka Gusti Alloh. Ingsuna ngadeg Ing Kudratulloh,Kang sang Iman saking Roh Idopi, banyu kuning mudu cahayaning Alloh, Wit Suci mulih suci, asa rasa mulih rasa, asal cahya mulang cahya, sahmatulloh tanana kiblatulloh, sir wahid Datulloh, nyawana bathin surupna ka nyawa hawani, nyawa hawani surup ka nyawa rahmani, nyawa rahmani surup ka nyawa Jasmani, Nyawa Jasmani surup ka nyawa Rohani, Nyawa Rohani surup ka Gusti Alloh".

Rabu, 16 November 2011
Babad salira III
" Allohumma Anjili Rahmatan alainna, Yailatal alamina wabarakatin, Yaa Jibrail, Yaa Israfil, Yaa Mika'il, Yaa Izra'il, Allohuma Anjili Rahmatan alaina Yailatal alamin Wabarakatin, Yaa Jibrail, Yaa Izroil, Yaa Alloh "
Syahadat Babad salira II
Ki Roh Idopi lakuna Ruku, aningali, Kang Ala lan Kang Becik, lan Kang ngaran Malaikat Mikail Nabina, Lungguhna pangucap sajeroning Budi, Sajabaning hurip,Robbana Robbani, kanyataan; Getih, katitihan; urat Cai geni, geni keuna medal mulu bati, medal sanafsu, Ki amarah medal saking kuping, hakekatna ngarungu.
.
Kang Ala sifatna abang lakuna ngadeg, sifatna ngarungu ka Ala lan Kang Becik, Lan Ka ngaran Malaikat Izroil, wujud Muhamad sajeroning karamat, sajabaning hurip.
Rohna roh Jasmani, kanyataan Kulit, patitihan kidul medal cahayaning Bumi, lain bumi rempag, lain bumi urug, bumi kersaning Alloh
Medal;
Nafsu awiyah, hakekatna cangkem lakuna ngomong, karepna mangan, nginum, sahwatna turu
Nafsu Sawiyah, Susah patitihan medal saking bayah; wadi patitihan medal saking kalilipa, suka patitihan medal saking bubuahan, Kumed patitihan medal saking pucus.
Alloh mungguhing pikiran, cacangkingan-nana hurip, hurip cacangkingannana Kurip,martabatna irung lunggahna wetan, lunggahing Jajantung turun ka handap kana Bali.
Malaikat Jibril jadi Rosululloh, lungguhing Kuping,cacangkingannana eling,cecekalannana, bubukuan, martabatna Bapak, leunggahna Kidul, lunggahing ati, turun ka handap kana getih.
Malaikat Isrofil, nabina, lunggahing pangucap, cacangkingannanna daging, daging cacangkingannana sum-sum, martabatna Indung, lunggahna kulon, lunggahing abyah turun ka handap kana getih.
Malaikat Mika'il, wujud Muhamad cacangkingannana nyawa, nyawa cacangkingannan urat-urat.

Syahadat Babad Salira (I)
Bismillahirohmannirohim,
Sang dungeus putih nama Kaula keur di pangkon Ku Luluhur, Kang Jeung Malaikat Jibril
Sang dungeus Putih Nama Kaula Keur di pangkon Ku Luluhur Kang Jeung Nbi AdamSang Seda Leuwih, Nama Kaula keur di pangkon Ku Kang jeung Malaikat Kang pasti
Sang Manik Putih nama Kaula Keur di pangkon Ku nu Rampes
Sang Seda Kawasa nama Kaula golosor ti Sawarga
Sang Kecrik Putih, nama Kaula keur nitih ti bapa
Sang Kulincir putih, nama Kaula keur nitih di Indung
Neda persambung ti Bapak, nu putih rupana panas bawana bedas kalakuannana
Nu putih persambung ti Indung, tiis rasanna, rahayu kalakuannana
Nu Herang persambung ti Pangeran tiis Bawana, ngeunah rasana
Nu ngalengggang persambung ti Gusti alloh,genah rasana langsar bawana
Siapok Tatamang raga Ya Ingsun sang Nur Putih nama Muhamad, ngadeg cahya Geni, tibana dina; kulit, daging, jeung getih.
Malaikat Jibril, Izro'il Nyawa Rohani, ruku cahayaning angin, nafas pangawasana;Roh , urat, lamad, budah
Malaikat Isrofil nyawana Rohani, sujud cahayaning Banyu;babalung
Malaikat Mika'il nyawana Mayani, lungguh cahaya bumi, nyata beuteung, kalilipa,peujit, nyatana udel.
Malaikat Izro'il, Nyawana Nurani, lima anu ngarannan sakeuteul putih bakaling Braja, sang lenjer putih bakaling Ancer, sang Kulincer Putih bakaling pamor, Sang Karacak herang bakaling wajadiah, sadurunge ana nyawa, Dia sadurunge, ana Jisim sawose, ana nyawa sawose, ana Jisim retna sari nu ngancik sajeroning nyawa, Jleg Kang Jumeneng Iman ngancik Ing Pangeran ti polah nyawa Ing Pangeran Jatining Iman, Nya aing Nu ngaleson di bumi ningrat hakekatna Kang abang sateka Kersana Alloh.
Sajeroning Eling, medal, sajeroning hirup, Roh robbani patitihan Babaulung, sum-sum,Urat, lamad, medal cahayaning Banyu.Anu Banyu, larat Banyu sawiah, Hakekatna paninggal sifatna Kuring, Kanyataan

Di Bawa Ka Nagara Onom Karaton Siluman Oray ( Bag.1)
Carita Nu Kaalaman Ku Pun Biang/Kisah Nyata,
Ciwaruga dina mangsa 30 taun katukang masih ka asup wewengkon angker.., loba pamanggih jadi bahan carita keur anak incu, di antara- na salah sahiji carita anu di alaman pisan ku pun Biang, sanggeus maehan oray huluna dua, di jalan titincakan palataran sawah jamiranta / disebut lengkob wewengkon sumur, pedah mureun di sabudeureun eta lengkob teh cur cor cai nyusu anu gede pisan mangfaatna pikeun kabutuhan somah di wilayah eta, teu kudu nyieun sumur. Ayeunamah eta lengkob teh geus robah ka lindih ku perumahan pondok hijau, tanda-tandana kuring masih apal keneh, ayeuna mah aya di palataran hiji imah gedong sigrong di lingkungan perumahan pondok hijau.
Rebun- rebun keneh jalma teh tarangginas pisan hudangna, saperluna -saperluna, ngudag hanca garapan anu katunda poe kamari, katinggali Mang Aca, Ki Ahri, Mang enjang geus maranggul pacul bari mawa kaneron, maklum 30 taun katukang wewengkon Ciwaruga teh kahirupannana masih keneh nyarande kana pacabakan tatanen palawija; sajabaning bungkol, terong ,kakacangan, jabung sosin jrrd. Geus jadi ilaharna lamun aya anu di gawe ngaborongkeun/atawa harian macul teh kudu di anteuran, angkaribung ngais boboko, ngajingjing teko almaniem bari di tiung anduk.
Sanggeus beres keprak keprek nyangu jeung masak di hawu sapuratina pun Biang nyiapkeun boboko keur wadah sagala rupa dahareun/ sangu jeung lalawuhna, teu tinggaleung dungkawung jeung bakona, ngogo anu keur digarawe macul supaya suhud maraculna, kira kira wanci pecat sawed, pun biang nepi ka sawah Jamiranta, guprak aisan jeung teko di ecagkeun, di tunda bari di susun di perenahkeun supagi piring-jeung wadah2 laina kari nyokot, kitu deui eusi dahareun di bukaan tina bungkusna,di teundeun dina piring masing masing. Sanggeus di geroan sababaraha kali nu keur garawe macul teh daratang bari ngarumbah leungeun da lamokot ku taneuh garapan, satuntasna beresih, atuh prung bae balakecrakan ngamimitian dalahar di amparan samak, aya oge anu diuk dina galengan, padahal teu pira lalawuhna teh, sajabaning lalab jeung sambelna, goreng asin tanggiri jeung tumis tahu, kurupuk oge sayur lodeh...mani ponyo, cenah.
Alhamdulillah gening dahareun nepi ka ludes, katingali dalaharna mani rarewog bakating ku carape-eun, jadi pas balik teh teu kudu ngabengkot saperti inditkeun da hampang. Sanggeus wadah dikumbahan jeung disusun, jung wae aisan teh di di ais ku samping batik. Teu poho pamitan ka Si ibu Wayi anu ngamandoran anu maracul, "rek balik da masih keneh loba gawe-eun di lembur kitu pokna, ceuk pun Biang, ut wae turun tina galengan mari ngaleos nuturkeun jalan galeungan titincakan,kira-kira 100 meteran ninggalkeun anu maracul nuju ka jalan balik ka lembur,ngan rada kahalangan ku tangkal cau anu ngajajar, jadi rada geus teu katempo anu maracul teh, panempo keur tungkul ninggali jalan tincakeun kagareuwahkeun ku titingalian yen dina wahangan leutik deukeut cukang jalan tincakeun teh katinggali aya oray rada aneh ngahalangan jalan, jeung huluna aya dua nyagak katingali jiga make makuta, teu mikir dua kali sanggeur rumpu rampa meunang batu, nya habek!! wae eta oray teh di baledog kubatu, pas ngeunaan huluna pisan nepi ka merengkel....., jujumpalikan....., teu mireungeuh nanaon deui, sanggeus maledog oray teh terus nga gajleng meuntasan parit leutik, ngaliwatan eta oray, saggeus kira-kira 10 meter liwat tina eta oray..., ngadadak sirah pun Biang lungleng asa muter teu beunang di papalerkeun...nepi ka lila lila panempo jadi asa dua....Breh teh gening naha teu di sangka ujug-ujug aya dua urang gulang-gulang nyerek kana dua leungeung bari di bedol katukang jiganu newak tahanan wae, atuh nya pun biang teh babadug bari tetejeh tapi nyakitu ujung-ujungn-na teu walakaya da ngalawan dua ponggawa jarangkung badag, kalah beak tanaga, nya antukna pasrah di bawa, nya ujug ujug asup ka hiji wewengkon anu pikabetaheun,bararesih, apik tur pikahemengeun.... di hareupeun ngajegir hiji karaton Megah.., komo deui pas asup ka eta wangunan teh, geus matak hemeng deui wae, ampir sagala rupa di jieun tina emas, korsi ratu pangcalikan di jieun tina kai kolot herang ngagenclang,taretes inten mas jumanten, kain-na buludru hejo lukut, di tambah ku karpet permadani maregah.
" Beu...!!, kuring teh rek di bawa kamana ieu teh ?" gerentes hate pun Biang.
" Boa- boa ieu teh nagara onom tea kitu ?"
"Cilaka...,Beu !!"..............cag heula.

He..he.. Abah Kartama keur meujeuhna reney ku incu, ngan hanjakala pungkas mangsa, rungkad caringin di buruan, dalitna jeung nu jadi aki di dunya ngan nepi ka mangsa, kaburu tilar ninggalkeun dunya alatan nulungan Pa Haji anu ti gebrus kana sumur anu ngandung gas racun, ear dina koran PR harita taun 80 an.....emh pileuleuyan Bah, Mugia nepi ka pangbalikan sajatining hirup nagara padang tunjung sampurna, tiis tingtrim tumaninah....genah manunggal.
Olot JUHARI n Ne Enah,Uyut Kuring, Bapa pituin ti nujadi nini, Wayi Naridah
, rerehan ti Kasumyatan Serang-Banten, Bubuara ka Ciwaruga-Bandung ti jaman walanda, Jaman Nihon tug nepi ka pasca kamerdekaan, ari pacabakan jadi wiraswasta/ bandar Jeruk, baranakan tug nepi ka tilar-na, lima saudara; Wa Eje, Wa Sahdi, Emang Casmita, Wayi Naridah, Bi Tasih

Aki Jawi/ Aki Hideung n Nenk Damun

Ciwaruga Leungiteun
Ciwaruga…..Leungiteun
Hatur salam sareng sim kuring rerehan ti wewengkon Ciwaruga seke seler Aki Kartama Ugabrata wedalan Baginda- Sumedang sareng Wayi Naridah wedalan Kasumyatan-Banten Serang, kadituna rundayan ti Uyut Gonjing jeung Uyut Jaya Perkosa Dayeuh Luhur sumedang.Gumelar di alam tengah ngaliwatan indung nu ngandung Ai wulan Komariah jeung bapa nu ngayuga Aris Nurdita, nganjrek di Ciwaruga leuwih ti lima generasi ngajadikeun ieu wewengkon jadi dayeuh maneuh banjar pamidangan. Dimimitian ku rerehan ti Aki; Uyut Jantiem, Uyut Ta’al, Ne Acem jeung Aki Ata, Abah Kartama, Aris Nurdita terus ka kuring. Ti Nini ; Olot Juhari/Banten/Kasumyatan, Ibu Wayi Naridah, Aris Nurdita terus Ka Kuring.
Ciwaruga
” kuring kungsi nyaksi nyingray-na pepedut dina mangsa srangenge medal, hejo ngemplohna tutuwuhan, cur cor-na cai kahuripan, jeung seahna / gulidagna cai walungan cibeureum anu jadi wates antara kabupaten jeung kotamadya Bandung, ciwaruga 30 taun ka tukang dina mangsa taun 1980-an.”
Leuwi “Kelewih“geus jadi catur ngaliwatan tilu generasi…, di mimitian ku dongeng ti Aki Kartama yen Kelewih teh hiji leuwi di walungan cibeureum tempat barudak dina tiap jaman anu di pake keur ngamimitian di ajar ngojay, caina estuning beresih jeung ngagulidag pika waaseun lamun ayeuna masih keneh kasaksian. Rupa rupa carita ngiluan kana perjalanan eta walungan, ti mimiti carita : Katinggang Barangbang murag waktu keur ngaruru daki, Di leled ku lulun samak, Ngoerkeun mayit anu munjung di palidkeun, Maehan Oray huluna Dua, di tawan ku Karajaan Siluman Oray, Di pika bogoh ku-nu ngageugeuh Leuwi Dam, Papanggih jeung Jurig Bungkeuleukan…., Papanggih Jeung Maung Kajajaden, Kantor Desa di ranjah Maung Kajajaden jrrd.
Dina mangsa taun 1980-an aya sababaraha wewengkon anu kiwari robah jadi pelak beton/tinggal sajarah, biheung barudak kiwari nyahoeun jeung percayaeun di ayana, di antara;
1.Wewengkon Astana Gede/aya keneh, tempat pasarean pamustungan keur warga wewengkon Ciwaruga, kasered ku perumahan Pondok hijau.
2. Wewengkon Kisampang/katingker ku imah warga; baheula mah mangrupa leuweung awi geledegan anu di amparan ku karpet alam alias lumut, sok aya paribasa hejo lumut, ngampar hejo semu koneng hurung ngempur pikabitaeun anu ngalungsar.
3.Wewengkon pasawahan Jamiranta/ayeuna robah jadi perumahan pondok hijau, ny didieu pisan nujadi nini Wayi ngabogaan sawah kurang leuwih sahektar,lokasina pangluhurna ti nu lian kawilang strategis pisan, nu matak waktu di jual hargana pang onjoyna
4.Wewengkon Babakan poponcol/daerah rawa anu kiwari robah jadi perumahan PRV/parahyangan Villa, ka asup makamna uyut kuring anu di burak barik ku rohakana dunya jeung kakawasaan, turunan anu ngaletak ciduh nini akina,wewengkon makam babakan poponcol di jual jadi perumahan, kapaksa tulang taleng uyut kuring di boyong pindah pasarean.
5.Wewengkon Sawah Lega robah jadi kawasan Politeknik ITB baheula/ayeuna Politeknik Bandung jeung,
6.Wewengkon Cianting, tungtung kidul ciwaruga anu kiwari robah jadi perumahan Setra Duta
Ciwaruga kiwari robah jadi wewengkon anu teu boga konsep boh dina Tata ruang, sosial, jeung ekonomi, kapamingpinan baheula leuwih mundel ku jati dirina, utamana dina widang Budaya, sosial ekonomi, tiap taun utamana 17 Agustusan sok di rayakeun ku tampilan kesenian masing2 wewengkon di antarana; kuda lumping, sisingaan, paradeu Barongsai jeung Dodog-na, Kendang Penca jeung rupa rupaning lomba paalus- alus jampana.
mekarna kahirupan ciwaruga harita teu leupas tina peran aktifna para sesepuh Ciwaruga, diantarana ; Aki Jawi/Aki Hideung/ tokoh dina widang Agama/kokolot ngurebkeun jeung Abah Maja, Bah Ahi/ tokoh barongsai, kuda lumping,ketuk tilu jeung dogdogna, Abah Acam/tokoh silat babakan poponcol, Abah iie tokoh Ketangkasan adu domba HPDKI jeung abah Ahi, Pak Mantri Wiraatmaja jeung pak Guru Adang tokoh pendidikan, Pak Lurah Juarma, Pak Lurah Maman jsb.
Pamuka lawang
Sampurasuun…….., Ki dulur
salam Rahayu, mugia urang sadayana aya dina berkah Mantena Hyang Agung, Alloh ta’ala Anu Murbeng Bumi Alam salalawasna
Dikawitan ku Bismillahirahmannirahim sim kuring ngahaturkeun salam silaturahmi……..,

Langganan:
Postingan (Atom)